Pemuda Mesjid Miftahul Jannah

Selamat Datang Di Blog Pemuda Mesjid Miftahul Jannah - Komplek Manglayang Regency Blok I - Bandung Jawa Barat

Kamis, 16 April 2015

MANQOBAH SYEKH ABDUL QODIR JAILANI QS BAHASA SUNDA



MANQOBAH SYEH ABDUL QODIR JAELANI BAHSA SUNDA



ALAA INNA AULIYA ALLOOHHI 
LAA KHOUFUN 'ALAIHHIM WALAA HUM YAHZANUUN

bismillaahhir rohmaanir rohiim

Sugrining puji anu sampurna, sareng pangalem sagemblengna, eta tetep kagungan Allah anu mikawelas ka abdi-abdina, anu ngaluhurkeun darajat anu bakti ka Anjeuna.

Rahmat sareng salam anu utami muga tetep ka pangafdol-afdolna Nabi, nyaeta Kangjeng Nabi Muhammad SAW, anu parantos dikiatan kalawan mu'jizat, anu diutus jadi rohmat kasadayana alam, sareng kakulawargina, sareng kasadayana sahabat, sareng kasadayana auliyana Allah anu parantos diluhurkeun kalawan dipaparin pirang-pirang karomat.
Amma ba'du

Mangka ieu sapucuk kitab anu kalintang ringkesna, nyarioskeun manaqibna Sulthonul Auliya Wa Imàmil 'Ulama Assayyid 'Abdul Qodir Al-Jailani qsn, kenging metik tina kitab 'Uqùdul Lalali Fi Manaqibil Jaelì, sareng tina kitab Tafrìhul Khòtir Fì Manàqibis Sayyid 'Abdul Qòdir.

Mudah-mudahan aya mangfaatna ka sadayana dulur-dulur anu kersa ngaos atanapi ngadangu kalawan ngagungkeun kanu kagungan ieu manaqib.

Mudah-mudahan kuberkahna anu kagungan ieu manaqib, Gusti Nu Maha Suci ka urang sadayana nurunkeun rohmat sareng nulak tina bahla dunya akherat, dihasilkeun pamaksudan diwuwuh kasalametan.
Amin.

***

1. MANQOBAH KA 1 NYARIOSKEUN NASABNA SAYYID ABDUL QODIR

Ari Sayyid Abdul Qodir teh nyaeta putrana Abi Sholeh Janaki Dasti
putra Abdulloh putra Yahya Azzahid putra Muhammad
putra Daud
putra Musa Ats-Tsani putra Abdulloh Tsani putra Musa Al-Jun putra Abdulloh Al-Mahdi putra Hasan Al-Mutsanna
putra Sayyidina Hasan cucu Kangjeng Rosululloh SAW
putra Sayyidina Ali bin Abi Tholib k.w. sareng putra Siti Fathimah binti Rosululloh SAW.

Jadi ayeuna tetela pisan yen nasabna Sayyid Abdul Qodir teh nasab anu kalintang luhurna sareng agungna, sahingga satengah ulama ngadamel tawasul ku Sayyid Abdul Qodir ku rama-ramana dina ngahasilkeun rupi-rupi pamaksudan, sepertos ieu:
"yà robbanà bilhaikalin nùrònì, albàzi abdul qòdiril jailànì, usluk binà nahjal hhidàyati wakhminà, ming syarri kulli ma'ànidin awjàni, bi-abìhhi 'abdillàhi farrij karbanà, waqdli hawà-ija 'abdikal walhhàni, 

wa bijinnika dumta ilàhhì aghninì, waj'alnì fì bahril mahabati fàni, bilquthbi 'abdillàhi dàwi 'illatì, wa biyahyà uhyil qolba bil'irfàni, bimuhammadiw wa abìhhi dàwuda iksinì, tawàbal bahà walwuddi fil ajmàni, bi abìhhi 'abdillàhi ashlih sya-nanà, waliwàlidìnà fahfazh minan nuqshòni, walthuf binà fì kulli mà qoddartahhu, biljùni mùsà jud bikhoiri jinàni, walmahdli 'abdillàhi lil-ihsàni mahdlòriqinì tsummàksitì bima'ànì, bil-anwàril hasanil mutsannà nawwiròn, 'aqlì walà tatruknì lil-akwàni, wa abìhhi awwala quthbim bàhhiri, sibthinnabiyyil mushthofàl 'adnàni, hasanij-jakiyyibnil imàmil murtadlò, hàmìl wagho ghoitsin nadàl hattàni, yassirlanà kulal umùri wa'àfinà,
ming kulli hhammin awbalà aw'àni.

***

2. MANQOBAH KA 2 NYARIOSKEUN DIPEDALKEUNANA SAYYID ABDUL QODIR

Ari dipedalkeunana di nagara Jailan, nyaeta 1 nagara bawahan Thobristan, dina wengian kaping 1 sasih Romdon taun 471 Hijrah. Ari pupusna di nagara Baghdad kaping 10 Silihmulud taun 561, jadi yuswana mung 91 taun.

Dina wengian dipedalkeunana aya 5 karomah.

Karomah nu ka 1:
Ramana Sayyid Abdul Qodir nyaeta Abì Shòlih Mùsà Janakì ngimpen kasumpingan Kangjeng Nabi diiring ku sahabatna sareng ku imam-imam mujtahidin sareng kupara aulia. Teras Kangjeng Nabi nimbalan ka ramana Sayyid Abdul Qodir, dawuhanana:
"Heh Abù Shòlih, maneh ku Gusti Allah dipaparin anak lalaki, eta teh anak kaula jeung kakasih kaula jeung kakasihna Gusti Allah, jeung bakal meunang pangkat anu luhur dina pangkat kawalian seperti kaluhuran kaula dina pangkat kanabian.

Karomah nu ka 2:
Nabi-Nabi oge saba'dana Kangjeng Nabi pada ngabubungah ka ramana Sayyid Abdul Qodir, yen bakal kagungan putra anu bakal jadi Sulthònul Auliyà, sareng sadayana wali-wali salian ti imam anu ma'shum eta di bawah putrana, sareng dampal sampeanana bakal didampalkeun kana pundakna wali-wali, sareng sadayana wali-wali anu tunduk ka anjeuna bakal naek pangkatna, anu henteu tunduk ka anjeuna bakal dilepas ku Gusti Allah tina kawalianana.

Karomah nu ka 3:
Henteu aya nu dipedalkeun dina wengian dipedalkeun Sayyid Abdul Qodir di nagara Jailan, anging sadayana pameget, ari seueurna 1100, sadayana jadi wali, sapaos jadi pangiringna.

Karomah nu ka 4:
Sayyid Abdul Qodir tibarang dipedalkeun henteu kersaeun nginang siang dina sasih romdon, ana nginang sok dina waktos boboran.

Karomah nu ka 5:
Dina walikatna Sayyid Abdul Qodir katingali tapak dampal sampean Kangjeng Nabi SAW, nyaeta tilas munggu anjeuna bade tunggang kana buroq dina wengian mi'roj, sareng waktos medalna disarengan kucahaya anu pohara, sahingga jalma-jalma henteu aya anu kuat ningali, ari yuswa ibuna waktos harita yuswana 60 taun, eta oge hiji perkawis anu luar biasa.

*** 

3. MANQOBAH KA 3 NYARIOSKEUN NGAOSNA SAYYID ABDUL QODIR

Saparantos anjeuna ageung, lajeng ngajugjug ka guru-guru anu laluhur, ka alim-alim anu utami.

Didinya anjeuna ngalap pirang-pirang elmu sareng sifat-sifat kautamian.

Sadayana guru anjeuna pada nyarioskeun kana calakanana.

Ari ngaosna elmu fiqih ti Abil Wafa Ali Bin Aqil sareng ti Abil Khothob Al-Kaludi sareng ti Abil Husain Muhammad Ibnil Qodli.

Ari ngaosna elmu adab ti Abi Zakariyya At-Tabrizi.

Ari ngaos elmu thorekat ti Syekh Abil Khoir Hamad Bin Muslim Bin Dzirwati Ad-Dibas.

Ari anggoan ku anggoan shufiyahna ku Qodli Abi Sa'id Al-Mubarok.

Anjeuna henteu liren-liren nerekel hanjat kana pangkat kasampurnaan anu luhur kalawan pitulungna anu Maha Agung, sahingga anjeuna calik dina luhur-luhurna kapangkatan.

Anjeuna singkil kalayan pamaksudan anu tetep sarta kiat, yen bade nyepeng sareng ngangkek kadali nafsu anjeuna, bade dipengkolkeun tina karesepna, sahingga anjeuna kenging 25 taun calik dina tegalan Iroq henteu patepang sareng jalma.

***

Mankobah 4 - 7 >>

0 komentar:

Posting Komentar

Seni Menjadi Pedagang Online 336x280
Dapet Duit Dari Twitter 486x60